Drama Kabaret ini sangat simple, menghibur,
dan mudah dipelajari. Temanya sesuai dengan kehidupan remaja kekinian.
Durasi :
13 menit 17 detik
Jumlah Pemain :
15 Pemain. 7 Pemain Putri, 5 pemain putra, 3 Figuran Putra
Harga Full
Audio : Rp. 200.000,-
Sample
audio bisa dilihat di channel youtube TOKO KABARET : https://youtu.be/_yLFEfDzIjo
Informasi dan pemesanan
SITI NURJANAH / ZAMZAM ALMUBAROK
Hp/Wa : 0853-2239-2997 / 082
295 495 102
NASKAH DELAN NYALON KADES
Karya : Zamzam Almubarok, S.Sn
ISAH :
Duh aduuuh aduh
ENOK :
Kunaon ari ceu isah, geura. Aya naon kunaon? Ceu isah teu kunanaon?
ISAH :
Yey... kang Dasim kabogoh euceu. Bakal jadi Sirah Desa.
EROH :
Sirah Desa? Kepala desa meureun, ceu isah
ISAH :
Tah eta, Hulu desa........ he he he Kepala Desa atuh eroh, maenya teu Faham.
EROH :
Palebah ku teu faham, nya kumaha?
ISAH : Geus! Pakona maneh
eroh enok kudu ngadukung kang Dasim, coblos kang Dasim.
ENOK : Apan kang Delan budakna bi
elis, oge sarua ek nyalon...
ISAH : Nya tong dipilih atuh enok
ELIS : Assalamualaikum
Jol neng elis ngaliwat...
ISAH :
Eh bi elis... bade kompanye bi?
ELIS :
Sanes, bade ka kebon, neng isah.
ISAH :
Bi elis... Hidup kang DASIM!!
ELIS :
Nya iraha jang DASIM maot?
ISAH :
Euuuh... jelaskeun enok
ENOK :
Maksad ceu isah, kang dasim teh teu teu maot, bi. Hirup keneh
ISAH :
Lain kitu, enok!
EROH :
Yey kalah lieur.
ELIS :
Duh... daripada lalieur maning ka kebon yuk
Di hiji imah pa kosim jeung nyi Emi nuju ngaharuleng.
KOSIM : Emh, sawah kalah kagaringan,
hayam kucekak, balong kusero, boga lauk sasiki oge dihakan ucing. Emh jeung
naon atuh urang dahar ayeuna, Ni.
EMI :
Aya keneh sangu poe mah. Goreng cerem sesa kamari. Keun we saaya aya
DASIM :
Assalamualaikum, aki nini cageur?.
KOSIM :
Ah kieu we jang ari geus kolot mah. Aya naon ieu teh mani rareuwas?
EMI :Enya,
jang. Mani asa tara-tara.
DASIM :
ieu boga duit sakedik, lumayan jang meuli tarasi.
KOSIM :
Alaaah 20 rebu. Heu heu heu nuhun atuh nuhun, jang.
DASIM : Kade aki nini sakeluarga coblos
abdi dina pemilihan KADES engke. Coblos tah na tarang abdi. Tah yeuh
EMI :
Insya Allah jang, ku nini jeung aki urang tojos. Ku peso jang nojosna?
DASIM :
Ku lencog! Mani asa piraku atuh. Ku
paku, ni. Ke disadiakeun pakuna di lokasi
Di jalan mileah keur lempang sosoranganan, jol Delan datang ti tukang
DELAN :
sampurasun
MILEAH :
rampeos
DELAN :
Nyai teh mileah nya
MILEAH :
hem eh
DELAN :
Hoyong teu diramal?
MILEAH :
Alim ah. Musyrik. Geuning terang nami abdi?
DELAN :
Abdi oge terang jajanan karesep mileah
MILEAH :
seblak
DELAN :
sami, assalamualaikum
MILEAH :
waalaikumsalam, ih jelema aneh geura.
Di Kantor Komisi Pemilihan Umum
ABAH : wei batur-batur salembur,
kanca kanca sadesa.yeuh Alhamdulillah yeuh, anu geus daftar calon Kepala Desa tos geus aya 2 jalmi.
DASIM ti Partai Impenan rakyat, jeung Delan ti karuhun berkarya. Ehmm... jang Delan
(luak lieuk neangan delan) jang delan kumaha ieu teh, Neng Lia?
LIA : Aya nu ngawartoskeun
saurnah nuju moe pare.
ABAH : wah nya teu nyahoeun ayeuna
teh jadwal kompanye?
LIA : Manawi aneh puguh jang Delan
mah, hulang huleng sura seuri jiga jurig. Hayoh we da mikiran mileah mileah mileaaaah
KOOR : JURIIG!!!
ELIS : jang Delan teh jalmi, jelema!!
ibu bapak, budak kuring. Lain jurig... mani teungteuingeun nya.
KOOR : Eta we mani teu gaul jeung
jarang nyarita!
ELIS : Neng lia teh seorang abdi
negara, sing alus polah hade basa.
ABAH : geus geus... langsung we ka
calon anu ka hiji ti partai impenan rakyat, ye Dasim sok so kahareup sim.
DASIM : Assalamualaikum... simkuring
ngimpen, rakyat kabeh balenghar, kabeh jadi bos, Impenan simkuring! Pendidikan gratis, diajarna
bebas, bahkan urang lobakeun pelajaran bebas,Tepuk tangan attuh... kesehatan
gratis, bbm gratis, sembako gratis tinggal barang penta. Ingatempat G, 4G...
Gratis, gratis, jeung gratis
ABAH : ehm yeeh kumaha bisa gratis
kitu geuning, Dasim. carana kumaha?
DASIM : Dina impenan sim kuring. Tiasa
gratis asal... syaratna....
KOOR : Syaratna?
DASIM : Syaratna aya dina impenan sim
kuring.
ISAH : Hidup kang DASIM! Hidup
partai impenan rakyat!
KOOR : Hidup!! Hidup!
DASIM : Wassalamualaikum
Teu lila jol datang jang Delan. Ngageuleuyeung teu basa-basa acan..
ABAH : Satuluyna yeuh ka calon ti
partai lamunan sejahtera, Jang Delan sok sok jang delan kahareup.
DELAN : Assalamualaikum... Mileah,
damang.
KOOR : haaaah?
LIA : Tuh nya, geus datang deui
panyakitna.
MILEAH: Jelema gering.
DELAN : jangan gering, berat. Kamu ga
akan kuat, Aku saja
MILEAH : karep.
DELAN : Mileah, kamu cantik.
MILEAH : ih si akang mani
jujur
DELAN : Tapi aku belum mencintaimu.
Duka taun hareup mah. Tunggu aja.
ABAH : hey Delan, ieu teh panggung
politik ieu teh. Lain filem bobogohan lain yeuh. Delan Please! Please!
DELAN : Cekap. Assalamualaikum.
Delan ngageuleuyeung ningalikeun polah anu tiis. Delan langsung diriung
ku wartawan.
WARTAWAN : Pemirsa, calon Kepala Desa
dari partai karuhun sejahtera secara mengejutkan menggunakan panggung politik
sebagai ajang mengungkapkan perasaan cinta pada Mileah. Ada apa dengan Delan?
MILEAH : aduh, asa teu
pararuguh hate. Dipanah cinta ku kang Delan, mani bungah ih
LIA : geuning
bungah, sugan teh bakal ngambek
MILEAH : hi hi hi... oh
kang Delan, calon Kades anu kasep pisan
DASIM : ha ha...
mileah, mileah. Tong ka si itu hapuran, mending ka jang dasim. Hayu hayu hayu
DELAN : Milea teu
kunanaon.
MILEA : henteu akang.
DELAN : jangan bilang
padaku ada yang menyakitimu.
DASIM : Emang... Napa?
Delan : Ah teu kunanaon.
Atuh pira oge kitu!
Dasim : Belegug
ISAH :
DELAN!!! Jangan ganggu kabogoh isah, awas nanti KAU!! Aku cakar!
DASIM :
Kabogoh Isah? Ti iraha Isah jadi kabogoh kuring?
ISAH :
Apanan na impenan akang. Urang tos kantos jadian na impenan.
DASIM :
Haar? Teu bisa kitu Isah. Tong kikituan. Era ah!
ISAH :
Tega akang! Akang tega tega akang tega...
Di hiji tempat, Delan dipegat ku Dasim jeung wadia baladna
DELAN :
Dasim!
DASIM :
Tong loba nyacapek ilaing Delan.. sok tarewak.
Delan pada nyekel ku anak buah dasim. Delan ujug-ujug berontak, lepas
tina koncianana. Anak buah Delan langsung nyabut peso maksud dituncrebkeun kana
beuteung Delan. Delan rikat nangkis, eta anak buah Dasim ngajolonjong hampir
nubles beuteugn dasim. Tapi gagal sabab kahalangan Isah, antukna beuteung isah
keuna katuncreb peso. Isah ngedepruk satengah diuk baloboran ku getih. Teu lila
datang babaturanana enok jeung eroh, tuluy isah nyarande kana awak enok. Dasim
saukur olohok ningali isah
ENOK :
Isah, sadar Isah. Ieu Enok ieu Eroh. Sobat isah.
ISAH :
Mana kang Dasim?#@!
DASIM :
Ieu Isah.
ISAH :
Dasim teh ngaran jurig imah, akang! Ganti ku Pa Emil loh
DASIM : Muhun Isah, heg Isah. Ngaran
kuring tisemet ayeunamah arek Pa Emil Loh.
ENOK :
Isah isaaaah hwiwiwiwi
KOOR :
Innalillahi wainna ilaihi rojiun
EMIL LOH :
Jang delan. Mun pareng anjeun nu kapilih. Tangtu kuring baris ngadukung.
DELAN :
Pa Emil Loh, mun pareng anjeun nu kapilih, kuring ge tangtu baris ngadukung.
Emil Loh jeung Delan sasalaman, ngaitkeun simpai babarayaan, yen hirup
lain jang paaing-aing, lain jang pasaing-saing silih bebek silih cabok silih
kakalakeun, nu lemah ditindas, nu kuat ngawasa, estu kudu sauyunan silih
wasiatan dina bebeneran, silih wasiatan dina kasobaran.
Mileah keur nunguan Delan,
jol tukang ojek. Mileah nelpon Delan
MILEAH :
Assalamualaikum delan, aku mau pulang pake ojek.
DELAN : Sok aja, pake ojek
MILEAH :
Kamu teh ga cemburu aku naik ojek.
DELAN : Cemburu itu hanya untuk orang
yang ga percaya diri.
MILEAH :
Jadi kumaha?
DELAN : Ya
sekarang aku sedang percaya diri, duka mun isukan mah
MILEAH :
Jadi kamu ga cemburu?
DELAN : Ya engga lah, kan tukang
ojeknya aku.
Mileah sunyam senyum tirai menutup, acara rengse
F I N
Sukses terus pak😊
ReplyDelete